Sisindiran

Sudah banyak Budaya Sunda yang tergerus oleh jaman sehingga keberadaanya sudah sangat jarang kita temukan terutama dalam kehidupan sehari-hari Sisindiran adalah salah satunya, dibawah ini  saya akan membahas apa itu Sisindiran beserta contohnya (dipersembahkan dalam Bahasa Sunda)
Kecap sisindiran asalna tina kecap sindir (kecap atawa omongan peusekeun atawa anu henteu togmol ditujukeun ka jelema nu dimaksud ku nu nyarita). dirajek engangna nu mimiti dirarangkenanan di tukangna.
Sisindiran hartina aya dua rupa, jadi kecap barang jeung kecappagawean:

(1) Jadi kecap barang, hartina basa anu direka, mangrupa kamonesan basa, wangunanana murwakanti (tina purwakanti = sarupaning mamanis basa nu diudagkeun kana sasaruaan sora, boh aksara sora boh aksara paeh). Sisindiran teh beunang di bagi dua deuih, minangka cabangna, nyaeta paparikan jeung wawangsalan.

(2) Jadi kecap-pagawean, hartina ngucapkeun sisindiran, ku kawih (paparikan) atawa ku tembang (wawangsalan nu winangun dangding). Bisa oge dina omongan-kalakuan kieu upamana: "Ngomongteh nu bener, ulah sisindiran bae, batur ge biheung ngartieun biheung henteu......." Kecap "sisindiran" di dieu sarua
jeung ngomong ku sindir sababaraha kali atawa terus-terusan.

Paparikan jeung wawangsalan
Sisindiran nu dua rupa ieu mah (kecap-barang) mangrupa kamonesan atawa kabinangkitan (mun istilah kiwarimah : kasenian). Teu ilahar dipake nyindiran atawa sindir-sampir. Biasana paparikan mah mun dihaleuangkeun teh sok ku jalan kakawihan dipirig ku kacapi atawa gamelan. Ari wawangsalan mah umumna sok dipake tembang Sunda dipirig ku kacapi-suling.

Katerangan anu rada panjang aya dina bab-bab anu nema nya eta Paparikan jeung Wawangsalan.

Sisindiran kiwari jeung kahareupna?
Jaman baheula loba jalma nu bisa paparikan (nyieun jeung ngawihkeunana) make kacapi ku lagu-lagu estra (Banjaran, Kulu-kulu, Solontongan, Sengot, jeng saterusna); di unggal lembur sok aya nu boga kacapi, sok ditebeuh dina waktu salse keur hiburan. Ari alam kiwari mah geus loba nu teu bisaeun, iwal anggota-anggota paguyuban kasenian atawa murid-murid sakola karawitan. Dikampung-kampung oge geus tara kadenge aya nu harurang-hariring paparikan, mun lain tina radio, kaset atawa televisi mah.

Nya kitu kana wawangsalan oge; baheula mah loba jelema nu bisa (nyieun, apal jeung nembangkeunana). Ari ayeunamah geus loba nu teu bisaeun. Dikampung-kampung oge geus langka nu tetembangan wawangsalan, mun lain jurusinden mah, kitu ge ari keur manggung (ditanggap atawa nyinden wayang golek jsb) dina radio, kaset atawa pagelaran di nu hajat atawa pepestaan (raramean).

Dina seni sastra kiwari sisindiran teh geus teu katembong kamajuanana, hartina taya ciptaan anu anyar. Ngan dina seni sora nu masih keneh kadenge sakapeung, aya dikawihkeun atawa ditembangkeun. Tapi teu ngandung harti majuna sisindiran, da wawangsalana oge nu baheula keneh bae, saleuheung paparikan mah sakapeung sok aya ciptaan anyar. Nupuguh mah kamajuan teh seni sorana, dipiara, aya sakolana, loba buku-bukuna jeung sering pagelaranana di mana-mana.

Na kumaha ka hareupna atuh nasib sisindiran teh??


(Dicutat tina buku “Kandaga Kasusastraan Sunda” beunang M.A. Salmun. Bandung – Jakarta 1958, kaca 55).***

comment 0 komentar:

Posting Komentar

Kritik dan Saran sangat berharga bagi saya untuk membangun Blog ini lebih baik, untuk itu silahkan beri komentar tetang artikel ini..

 
© 2010 Kabayan Gaul is proudly powered by Blogger