Wawangsalan

Salah satu Budaya Sunda yang berhubungan dengan Sisindiran adalah Wawangsalan, berikut adalah penjelasanya dalam Bahasa Sunda :

Wawangsalan teh cabang tina sisindiran, mangrupa omongan nu diwangun ku dua padalisan, cangkangna jeung eusina. Mun teu di barengan ku eusina, omongan wawangsalan teh tampolahna mah kawas tatarucingan.

Saperti: “Kembang bodas buah bunder………………………………………” Naon eusina? Pikeun mukakeun eusina kudu di teangan asalna. Naon ari kembang rupana bodas bangunna buah bunder? Ana di teguh hartina jeruk! Kecap jeruk di cokot engangna nu kadua, ruk, ieu teh keur nyieun kecap ngaheruk. Kapanggih eusina “ngaheruk nya pikiran”.

Jadi kecap asalna the “jeruk”, ieu sok di sebut wangsal. Numatak omongan sarupa kitu sok di sebut wawangsalan (Aya oge sawareh ahli basa jeung sastra nu nerangkeun ku jalan sejen; bisa bae, keur nambahan katerangan, malar leuwih eces).


1.  Wawangsalan Lanjaran
Wawangsalan Lanjaran teh nya eta nu di wangun ku dua padalisan disajajarkeun. Padalisan ti heula cangkangna, ari padalisan nu pandeuri eusina atawa maksudna.
Ieu di handap berendelanana wawangsalan lanjaran beunang ngumpulkeun, nyutat tina buku-buku heubeul jeung anyar beubeunangan para ahli basa jeung sastra, jeung nu kadenge tina tembang jurusinden, panayagan jeung sajabana (didieu di terangkeun kecap-kecap asalna atawa wangsalna diciran ku dikurung).

  1. Abdi mah caruluk Arab, henteu tarima teh teuing (korma).
  2. Abdi mah kapiring leutik, kaisinan ku gamparan (pisin).
  3. Abdi teh sok ngembang kawung, inggis teu ngareunah piker (pengis).
  4. Ajag lembur Indramayu, naha bet kalangsu teuing (asu).
  5. Aya nu dianjing cai, aya nu di heroan (sero).
  6. Balandongan ngujur jalan, sok haying los bae indit (elos).
  7. Bareto ge batu pirus, juragan geuning pelekik (angkik).
  8. Beas di tutuan deui, iraha bias pateupung ( tipung).
  9. Belut sisit saba darat, kapiraray siang wengi (oray).
  10. Bendi panjang roda opat, ulah kalah ka carita (kareta).
  11. Bentang baranang di imah, samara bias tepang deui (damar).
  12. Beulit cingir simpay tangan, salami hamo lali (ali).
  13. Beunyik leutik sim kuring mah, ari ras sok cimataan (amismata).
  14. Bibika tipung tarigu, ku engkang tacan ka harti (roti).
  15. Bilangan Jawa nu tujuh, abdimah somah pituin (pitu).
  16. Bulu panon wates taar, kapan seueur anu geulis (halis).
  17. Buntut jarum pangaputan, bati kelar teuing piker (kukular).
  18. Cakcak gede kadal bilik, ulah di pake mokaha (toke).
  19. Careuh beureum paswahan, tur dusun leuwih ti isti (lasun).
  20. Cariang beureum beutina, neda carios nu puguh (cariu).
  21. Catetan bulan jeung taun, engkang mah menak utami (almenak).
  22. Cikur jangkung pamuraan, paralay teuing nu geulis (panglay).
  23. Cinyusu kentel di masak, ulah tega-tega teuing (mantega)
  24. Dagangan pangrapet surat, mun kitu abdimah alim (elim).
  25. Daun tuhur na tangkalna, ari ras ka diri nyai (kararas)
  26. Deukeut-deukeut anak taleus, nyangkewok teu kanyahoan (tewok).
  27. Di Cikajang aya gunung, asa paturay jasmani (Cikuray).
  28. Ekek lembut pupuntiran, tingsaredet kana ati (serendet).
  29. Engkang the ngajukut laut, seger mun tepung jeung nyai (lamun).
  30. Estu di palupuh nangtung, kapimilik beurang peuting (bilik)
  31. Gagang atah keur lumayung, angkang jelema ginding (gumading).
  32. Gedong luhur panenjoan, narah keur saheulaanan (munara).
  33. Gedong ngambang di sagara, kapalang wawuh jeung nyai (kapal)
  34. Gedong tempat nu titirah, ulah sok reueus binagkit (rumah sakit)
  35. Gunting pameulahan jebug, kacipta bae ku ati (kacip)
  36. Hayam cempa lalayaran, matak teuing nyeuri ati (meri).
  37. Hayam sawah dipiara, abong ka nu apes diri (meri).
  38. Jagong tuhur meunang ngunun, dunungan bagea sumping (emping).
  39. Jawadah tutung biritna, sacarana-sacarana (cara)
  40. Jukut jangkung pinggir gunung, hate engkang panas peurih (eurih)
  41. Kacang panjang di sayuran, bati ngageremet ati ( kacang gamet)
  42. Kacang panjang gegebengan, sakieu darajat kuring (jaat)
  43. Kadeleu langgir caina, kayap-keyep anu geulis (keuyeup)
  44. Kalong cilik saba gedang, sumedot rasaning ati (cocodot)
  45. Kararas daun kalapa, teu aya anu ngabrangbrangkeun (barangbang)
  46. Kembang biru di astana, moal pegat-pegat asih (solasih)
  47. Kembang biru munggeng kubur, mugu engkang welas asih (solasih)
  48. Kembangbodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran (jeruk)
  49. Kendang gede pakauman, dagdigdug rasaning ati (bedug)
  50. Koja awi dihuaan, sageuy teu kasorang eulis (korang)
  51. Kuring the kamenyan koneng, rumaos kawiwirangan (walirang)
  52. Kutu baju kuar sinjang, moal weleh tumarima (tuma)
  53. Laleur hideung panyeureudan, kilang bara urang jadi (bangbara)
  54. Lampu tilu dammar dua, moal ngarancabang piker (lampu cabang)
  55. Langir cai leumpang ngijing, kadeuleu kayap-keyepna (keuyeup)
  56. Lauk panjang dina parung, ari emut merod piker (berod)
  57. Manuk beureum saba eurih, hate asa didudutan (manuk dudut)
  58. Manuk hawuk beureum suku, katinggal keur imut leutik (galatik)
  59. Manuk rengge saba ulam, sok komo lamun geus jadi (caladi)
  60. Manuk tukung saba reuma, uyuhan jadi ka nyai (puyuh)
  61. Matak ngajampana bugang, panasaran ku lenjangna (pasaran)
  62. Mencek leutik saba alas, abdi sangem ngarencangan (peucang)
  63. Meong tutul saba kasur, cing atuh kumaha kuring (ucing)
  64. Monyet hideung sisi leuweung, susah teu aya tungtungna (lutung)
  65. Mun jajan sakadar tipung, upami kagungan rabi (surabi)
  66. Mun yaktos mangsi Malayu, anjen the cinta ka kuring (tinta)
  67. Ngan bati ngajahe-leuweung, nya piker puyang payengan (lampuyang
  68. Nyiruan genteng cangkengna, masing mindeng pulang anting (papanting)
  69. Nyiru gede wadah bangsal, engkang mah sok sindir sampir (tampir)
  70. Panday bedog Darmaraja, abdimah walurat miskin (sekin)
  71. Paribasa petis Cina, hayang nepi ka cacapna (kecap)
  72. Peso pangot ninggang lontar, acan ka tuliskeun diri (tulis)
  73. Peso petok kewung tungtung, haying ka pianjang teuing (kujang)
  74. Peteuy leubeut panjang gagang, ka diri saha nu watir (petir)
  75. Pring jati dulang leah, tinggaleun kari waasna (bahas)
  76. Puguh ge ubar muriang, nu hina leuwih ti misti (kina)
  77. Puter putih saba lembur, engkan seja bela pati (japati)
  78. Rebab jangkung di Pandopo, nalangsa lebeting galih (tarawangsa)
  79. Reregan sabuder imah, kasangsara siang wengi (kasang)
  80. Ruas awi di rorekan, piker asa selang seling (suling)
  81. Sampalan tengah sagara, laun-laun sugan jadi (alun-alun)
  82. Senggal hideung saba ranca, tembong lelewa num anis (lele)
  83. Statsion jawa kidul, abdi rumaos the teuing (maos)
  84. Sieun teu kapancar kawung, kabiruyungan ku eulis (ruyung)
  85. Sieun teu ka untun tipung, sieun teu kalaksanakeun (laksa)
  86. Simeut jangkung panjang buntut, entong karooh ka abdi (papatong)
  87. Sok haying ka panar panday, kaparengkeun kunu geulis (areng)
  88. Sok matak ka piring leutik, matak isin diri kuring (pisin)
  89. Sok matak nggender kayu, matak bimbang pipikiran (gambang)
  90. Sok rajeun ngabuah kawung, nyuruluk ci panon bijil (curuluk)
  91. Sok reueus nu ngejo atah, reueus jadi menak sugih (gigih)
  92. Tanah Mekah tempat waluh, sok abong ka jalma laip(Thaif)
  93. Tangkal pare parumpungan, kudu ka pada utami (jarami)
  94. Teu beunang di hurang sawah, teu beunang di pika meumeut (simeut)
  95. Teu beunang di jambe-hapa, teu beunang di gomeng-gomeng (koneng = jambe hapa)
  96. Teu beunang di kehkel-poleng, teu beunang di bangbalerkeun (jeler)
  97. Teu beunang di opak kembung, teu beunang di entong-entong (kolontong)
  98. Teu beunang di rangkong kolong, teu beunang dipikanyaah (hayam)
  99. Teu beunang disihung tipung, teu beunang dipapagonan (sasagon)
  100. Teu beunang di situ lembur, teu beunang diulah-ulah (kulah)
  101. Teu beunang disupa dulang, teu beunang dibebenjokeun (kejo)
  102. Teu beunang di tihang pondok, teu beunang dideudeuleukeun (deuleu)
  103. Teu beunang di tiwu leuweung, teu beunang dipikasono (kaso)
  104. Teu beunang di waru leuweung, teu beunang diboro-boro (bisoro)
  105. Teu puguh monyet hideungna, asa teu puguh tungtungna (lutung)
  106. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik (tetengek)
  107. Ulen ketan di kincaan, abdimah turunan kuli (gulali)
  108. Untun tipung tambang beas, iraha laksana diri (laksa)
  109. Walanda hideung soldadu, umambon engkang ka nyai (urang Ambon)

2.  Wawangsalan Dangding
Wawangsalan oge aya nu winangun dangding mangrupa guguritan, disebutna wawangsalan-dangding. Susunanana wawangsalan dina guguritan teh aya sababaraha rupa, saperti nu kapintonkeun di handap (kecap-kecap nu dikurung nuduhkeun asalna atawa wangsalna).

(1)    Eusina aya dina padalisan nu pandeurianana:

                    Kinanti:
       Walanda hideung soldadu,
       umambon engkang ka eulis          (urang Ambon)
       kalong cilik saba gedang,
       sumedot rasaning ati                    (cocodot)
       belut sisit saba darat,
       kapiraray siang wengi                  (oray)

(2)   Cangkang jeung eusina aya dina sapadalisan :

                         Dangdanggula
      Sampan gede kapalang geus janji,       (kapal)
      munding belang sapisaur juag,             (sapi)
      cai kimpel estu sae,                             (es)
      hapur Jawa panuju,                             (panu)
      untun tipung laksana diri,                     (laksa)
      petis Cina capena,                              (kecap)
      imah hawu lipur,                                 (dapur)
      lapis kaca rasa engkang,                     (rasa)
      kutu simbut tumarima lahir batin,         (tuma)
      wadah obat geus punah                      (pun)

(3)   Paparikan jeung wawangsalan disapadakeun:

                   Sinom :
      Kalintung jalan ka Lembang,
      ka Lembang ka Sukasari,
      kaduhung kuring ka gembang,
      kagembang kunu kamari,
      kacang nub under siki,
      nya piker bati melenguk,                     (benguk)
      kacang nu gegebengan,
      sugan darajatna diri,                           (jaat)
      lebu badag pinareng aya duriat.          (areng)


Tambahna
Wawangsalan teh mindeng kapakena sok dina tembang Sunda (Cianjuran jsb), nu tangtu wangunanana mangrupa guguritan pupuh nu ilaharna disebut KSAD (Kinanti, Sinom, Asmarandana, Dangdanggula). Pikeun nambahan conto-contona, ieu dihandap ka pintonkeun susunan wawangsalan dina opat rupa pupuh :

  1. Kinanti
Di Cikajang aya gunung, asa paturay jasmani, kalong leutik saba gedang, bawaning sumedot pikir, kembang biru di astana, abot pisah jeung nu asih.

  1. Sinom
Balandongan ngujur jalan, sok hayang los bae indit, kendang gede pakauman, dagdigdug rasaning ati, bale direka masjid, mun emut bati rumanjug, tegal tengah nagara, laun-laun sugan hasil, kadal gede pareng alus bagja awak.

  1. Asmarandana
Simpay rema beulit cingir, ulah lali mun geus angkat, mugi emut sabat waktos, pangcalikan tonggong kuda, ka nu tuhu bumela, ulah matak gender kayu, matak bingbang pipikiran. 

  1. Dangdanggula
Pere leuweung saha nu teu peurih, tawon hideung asa di sangsara, hampas minyak dibobodo, hanas abdi satuhu, nanging agan tuang janari, teu puguh sasauran, sok gedang Malayu, jalir tur cindra subaya, beubeur cangkeng balung kabulen ku daging, buktina luncat mulang.

(Dicutat tina buku “Kandaga Kasusastraan Sunda” beunang M.A. Salmun. Bandung – Jakarta 1958, kaca 55).***

comment 1 komentar:

Unknown on 14 Januari 2016 pukul 14.17 mengatakan...

Hello kanca LAN kulawarga, mangga sisindiran arep kabeh kanggo bajra-bajra banget ing internet. sisindiran bakal saran sampeyan ora kanggo aplikasi kanggo silihan ing amarga internet ora kabeh kadu sing nyata, lagi scam, padha bakal takon sampeyan ngirim dhuwit kanggo Pendaftaran, transfer, asuransi biaya LAN penggawéku, kowé ora bakal njaluk etangan Panjenengan, lagi kabeh maling. i wis Waluya korban 3 tukang kredit silihan beda kene i ngirim jumlah ngrangkul dhuwit amarga sisindiran pancene pengin njaluk silihan iki LAN sisindiran dipercaya minangka pisanan, nanging sisindiran ora bisa njaluk silihan Saka kadu-kadu mau. Mangga sampeyan Kudu bajra-bajra banget supaya sampeyan ora bisa diapusi kaya kula, yen sampeyan pengin nemen kanggo aplikasi ing internet, mung ana siji lender silihan i kang dipercaya Dadi luwih amarga sawise sisindiran nampa sawetara panggonan LAN sisindiran iki diapusi, i supaya akeh Waluya loro amarga sisindiran duwe persil Saka utang mbayar, supaya kanca ing kantor mbantu kula metu nelusuri lender silihan nyata LAN Sah LAN Kita ketemu lender etangan Esther Jones, LAN Kita Applied ing dheweke tenan, supaya Sandi kanca ana siji nyanyi mbantu sisindiran turuti kabeh aturan LAN angger -angger LAN kanggo Gusti Allah Dadi kamulyan tak silihan Saka tenan bab 422 yuta. supaya yen sampeyan perlu silihan sampeyan Kudu hubungi Esther Jones LAN tindakake aturan LAN angger-angger LAN i njamin yen sampeyan bakal njaluk Waluya silihan kurang Saka 24 jam, sampeyan bisa tekan dheweke ing email dheweke ing estherjones.lenders@gmail.com.

Sampeyan isih bisa hubungi kula Waluya mail ing yulia.suryanto@gmail.com

Posting Komentar

Kritik dan Saran sangat berharga bagi saya untuk membangun Blog ini lebih baik, untuk itu silahkan beri komentar tetang artikel ini..

 
© 2010 Kabayan Gaul is proudly powered by Blogger